Senin, 19 November 2012

NASKAH GONDANG SUNDA

                         NASKAH GONDANG SUNDA




Naskah Gondang Sunda

Rajah : Ampun sampurasun
Pun ampun paralun
Teudeun di handeuleum sieum
Tunda di hanjuan siang
Sampeureun cokoteun
Na mangsa nu ninggang dating

Sampurasun nu di manggung
Di buana bale puhun
Indung aing sri ranghyang, ranghyang…….
Nu dangiangan.....
Neda sanghyang dangiang......
Neda rahayuning ambu...

Pun ampun paralun
Kabatara ka batari
Kabatara jagat nata
Ka batari danghyang sri
Neda pangjaring apsari
Panjaring wibawa mukti

Lagu Ninun : Dina iuh iuh tanjung
Dina kalangkang katapang, deuh....
Mojang karumpul ngariung
Nyangking halu rek ngagondang
Heunteu eureun sukan-sukan
Di pirig kacapi suling

Gentrung lisung nu ngagondang
Sada ketuk sada kendang , deuh ...
Trang tring trung tarutunggulan
Sora lisung nu ngagondang
Tolokprang tolokprang torolok lor kolomprang

Duh seuyang seuyang duh seuyang 2X
Duh seuyang seuyang duh seuyang

BARUDAK JAJAKA DARATANG BARI KARAKAWIHAN
Jajaka : durirang duraring hahariringan 2X
Gandang ngalengkahna
Ginding ngagedigna
Siga menak pajajaran

Caang bulan narawangan
Alam padang lenglang taya aling-aling
Hawar-hawar sora lisung tutunggulan
Moa boal para mojang keur ngagondang
Hayu batur urang pada sukan-sukan
Rang cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Urang ngintip mojang lenjang
Nu garinding keut ngagondang

Mojang : deungkleung dengdek-deungkleung dengdek
Buah kopi buah kopi raranggeuyan
Jajaka : - tah nu eta anu pendek anu dewek
- nu kuring mah tuh nu itu anu jangkung
- nu uingmah tuh nu itu anu lenjang
- pang sisina etamah bagean kuring
- kuring mah kajen sesana nu ceutik bulu socana

Mojang : malan ini malati ligar di taman
Aduh sayang keumbangnya tak kunjung datang

Jajaka : oh rembulan jangan risau jangan bimbang
Ada madu pasti si kumbang datang

Mojang : bukan rindu ya tuan bukannya bimbang
Rindu dinda tak karuan
Bukan tuan yang kuharap kan menjelang
Satria dari kahyangan aduh lita hiraukan

Jajaka : daek milih ka kakang perjaka desa
Duh banyak hartanya tak terkira

Mojang : Tak percaya rayuan pemuda
Pemuda jaman sekarang bicara sembarang gampang
Katanya abang cinta bersumpah abang sayang
Padahal nyatanya mata keranjang

Jajala : Duh teungteuingeun nampik teh sapajodogan
Kalau dinda tidak cinta di hati masih terkenang

M + J : solali-lali solali-lali solali solali
Wau wau waeng

Jajaka : asana mah ka uing mustahil nampik
Duh dapat garansi tak beristri

Mojang : Tak percaya mulut laki-laki
Biasa mulut berjanji di rumah beranak istri
Katanya anak muda gaya masih jajaka
Padahal cucunya sudah lima

Jajaka : Duh bukan cucu itu mah anaknya anak
Abang sumpah berani mati belum kawin dua kali

M + J : Solali lali 2 x solali solali wau wau waeng

Jajaka : Dinda kan ku puja spanjang masa
Mojang : Tidak !
Jajaka : Ka ku sunting bak sekuntum bunga
Mojang : Jangan !
Jajaka : Mari dinda
Mojang : Tidak !
Jajaka : Oh mari rembulan
Mojang : Jangan !
Jajaka : Mari.....mari
Mojang : Tidak !
Jajaka : Mari kita pulang
Mojang : Jangan!

Mojang : Kami berjanji2x walaupun di rantau orang
Kandaku selalu dalam kenangan

Jajaka : Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan

Mojang : Ulah sok arancin teuing
Bisi engke ngabegengan
Lalaki ulah cunihin
Bisi engke di baeudan

Jajaka : kaliki daun caringin
Tangkal suren baruahan
Lalaki pantes cunihin
Ngarah balik babawaan

Jajaka : Yu batur urang ulin ka nanggorek
Mojang : Ah embung sieun balik muru poek
Jajaka : Keun bae ambeh seubeh ngeleketek
Mojang : Leketek embung sieun bareh kelek

Jajaka : Yu batur urang ulin kananggerang
Mojang : Ah embung sieun balik muru beurang
Jajaka : keun atuh ambeh umur urang panjang
Mojang : Nu panjang Nini Aki balangantrang

Mojang : Yu Batur urang reureuh bari ulin
Jajaka : Ah embung balikna sok menta samping
Mojang : Keun atuh didinya mah daberehan
Jajaka : Leuh eulueh aya mojang pangarahan

Jajaka : Yu batur urang reureuh bari ngopi
Mojang : ah embung didinya geus aki-aki
Jajaka : Piraku pan sakieu jagjag keneh
Mojang : ah bohong pan nu bungsu nyusu keneh





8 komentar:

  1. manawi aya naskah gondang anu mulan na

    BalasHapus
  2. nuhun kang,,,kami teh tos lami milari naskah iyeu,,,nembe kapendak,,,kami rek copy paste we kanggo data pribadi,,izin ya kang

    BalasHapus
  3. waraas jaman keur sakola taun 75an

    BalasHapus
  4. Ada contoh naskah yang lain ?

    BalasHapus
  5. Manawi aya naskah gondang nu sanesna. ..diantos lengkap

    BalasHapus
  6. Waraas jaman keur ngora taun 82an .. persis ngagondang naskah ieu. Masih emut kakawihana

    BalasHapus
  7. Aduuuh janten flashback ieu teh . Nuhun nya kang

    BalasHapus